Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Pandawa Mangkat (Bahasa Sunda)

Cerita wayang Pandawa Mangkat dalam Bahasa Sunda ini menceritakan tentang kematian Pandawa saat naik ke gunung Himalaya.

Pandawa Mangkat
 
Yudistira naék gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna. Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan, para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah ka Himalaya.
 
Waktu naék ka punclut, Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.
 
 
Wayang golek Yudistira
 
Watek Yudistira anu saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!". Yudistira némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina.
 
Yudistira dibawa indit ku karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi. Tapi manéhna nempo Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra.
 
Yudistira kalawan ihlas indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun. Waktu tergoda pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun pikeun cicing di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana sarta nampa sawarga.
 
http://dinichemute-doad.blogspot.com/2011/01/tugas-cerita-wayang-dari-guru-bahasa.html

Posting Komentar untuk "Pandawa Mangkat (Bahasa Sunda)"